Saturday 19 July 2014

Contoh Drama Sunda Kajujuran

Dina hiji karajaan terkenal di tatar sunda, hirup sauyunan Raden K.Hhasanudin jeung Nyimas Hasanah, mantena ngagaduhan saurang putra anu kacida kasepna tur bakti kanu janten ibu rama tegesna mah jenengan Raden Pangestu. Sadidintena pangeran tara kaluar ti karajaan, anjeuna di didik ku raja sangkan jadi pangeran anu bisa jadi picontoeun masyarakat, tapi da ari anu namina jalmi mah aya wae rasa kabosen teh, dina hiji mangsa pangeran nyampeurkeun raja nu nuju maca koran.
Pangeran         : “Abaaah..”(bari jamedud)
Raja                 : “Aya naon ujang, datang datang bari jamedud kitu”
Pangeran       : “Abah, ujang teh bosen cicig wae di karajaan, ujang bosen tara aya rencang, ujang  mah hoyong pisan aya nu ngarencangan teh, malah mah ujang te tos hoyong eta..”
Raja                 : “Naon..?”
Pangeran         : “Eta gening, siga abah sareng ema.”
Raja                 : “Ouh kawin..? emangna erek kawin jeung saha..? aya kitu calona”
Pangeran         : “Baroraah atuh abah, ujang mah kaluar oge tara, komo mendakan jodoh.”
Raja                : “Abah mah hoyongna teh jodoh ujang awewe anu leres leres, abah mah hoyong jodoh ujang teh anu dan din dun, sanes anu dat dit dut.” (bari ngageol)
Pangeran       : “Eta we atuh bah, pang ngayakeun sayembara kangge ujang, nya pesertana mah      sadaya gadis anu aya di tataran sunda ieu we.”
Raja            : “Ouh heeuh bener, ke atuh isukan we nya abah ngumumkeun sayembarana, soalna ayeuna mah abah acan siap nyanghareupan gadis gadisna.. haha” (bari seuseurian)
Pangeran        : “Eyy eta si abah, jadi siga abah atuh eta mah nu bade milarian jodoh teh.” (pangeran ngomong bari kerung)
Raja                : “Eh nya sugan sugan we auh aya anu ngait hiji dua mah ka abah teh.”
Pangeran        : “Abah iih..”
Raja                : “Haha, heureuy atuh abah mah, maenya we. Da abah ge inget kana umur atuh.”
Singketna, di tatarsundageus jadi sabiwir saomong. Sang raja anu mihareup calon jang putrana. Atuh dugi kana wakts anu di antos antos ku pura gadis, aya putrina tukang macul, aya putrina pejabat, bahkan dugi kana putri ulama ge araya ngadongkapan eta sayembara, teu loba pesertana mah ngan 100 hulu. Dina poe ka hiji...
Raja                : “Sok anjeun geulis, wawanohan heula.”
Peran1            : “Wastapun Inem Hapip, putrana bapa saepulloh ketua rt 3 di pengkeureun karajaan     ieu pisan, padamelan sadidinten nyeuseuh.”
Raja                : “Sok teras mapai!”
Peran2        : “Simkuring Markonah Jubaedah Hamidah, putrana ustad makmur, padamelan       sadidinten maca kitab gundul.”
Peran3        : “Abdi Fermi Siti Fauziah. Putrana ibu aminah anu sok dagang kupat di payuneun karajaan, padamelan sadidinten mung ukur maraban hayam, ngawueukan anu ngaos sareng ibadah ka gusti.”
Teras eta sayembara lumangsung dugi kana dinten ka 7, namung teu aya keneh wae anu dipili ku pangeran, pas dinten ka 8 mung aya 2 gadis anu ngadongkapan kana eta sayembara.
Raja                 : “Sok Anjeun heula neng.”
Cerlina             : “Siaap lah..” (bari rada balaga)
Raja                 : “Wes gaya eung ieu mah.”
Cerlina          : “Abdi Cerlina pakot, putri kasayangana Ustadzah Hazaaaaah... Halimah, eta gening anu sok ceramah di unggal tempat, anu honorna pang ageuna, maenya weteu terang ah. Sadidinten abdi mah nya kitu we, sms-san, fb-an, twitter-an, bbm-man, teu hilap oge kana amaeng amengan, kitu we lah pokona mah kabiasaan budak ngora mah.”
Raja                : “Atos cekap neng, (bari ngaeureunkeun omongan cerlina). Sok hiji deui mangga.”
Intan               : “Wastapun Intan Mutiara Permata, putrina bapak Abdulloh anu janten calon gubernur jawa barat no ka 1 tea. Padamelan sadiditen mah simkuring teu seeur damel, paling oge mung ngabantosan ema sareng abah, diajar duniawi sareng akherat, oge ibadah ka gusti Alloh.”
Pangeran     : “Abah, atos we, pilihana aya di dua gadis ieu, tapi ujang bingung bakal milih nu mana..??!!” (bari haharewosan)
Raja                : “Tenang abah gaduh ide.”
Pangeran        : “Muhun mangga atuh abah.”
Raja            : “Dupina abah bingung bakal milih nu mana, tapi abah gaduh ujian jang aranjeun,     dimana lamun bisa ngaliwatan eta ujian, berati eta bakal di pilih. Abah gaduh binih tapi duka siki naon ieu teh, sok pelak ku aranjeun, dina waktu saminggu aranjeun balik deui kadieu.”
Cerlina           : “Oh tenang lah, nu kituceteeeek..!!”
Intan               : “Insyaalloh lah, da simkuring sok ngabantosan ema papanen.”
Waktu ngan nyesa sapoe deui, tapi pepelakana can aya nu jaradi, dua gadis eta bararingungeun kudu kumaha. Suasana di imah Cerlina.
Cerlina        : “Euleuh naha siki ieu teh can jadi jadi, meureun kumaha engke isukan urang bakal pieleheun cigana ah.. Eh tapi urang boga ide, daripada kacape cape ngurus ieu siki, mening meuli nu geus jadi we di pasar ge loba, heeuh bener.”
Cerlina ngalakukeun kalicikan, lain deui jeung suasana di imah Intan mah.
Intan             : “Eh naha can jadi jadi siki teh..? padahal pupukna ge anu dua ratus rebuan, boa salah kitu pupukna..? mun misalkeun isukan teu jadi keneh wae mah kenbae ah eleh ge, meren lain jodohna pangeran simkuring mah.”
Miang kana waktu dimana kadua gadis eta balik deui ka karajaan jang ninggalikeun hasilna. Saacan aya raja, Cerlina ngekeak Intan kusabab itan mah teu mawa hasil nanaon.
Cerlina          : “Tuh da abi mah tos yakin, pasti abi anu bakal meunang mah, tinggali we atuh abi mah mawa benih anu geus jadi tangkal, teu siga didinya ngan mawa benihna keneh, bade di uihkeun deui sanes?? hahah” (nyeungseurikeun puas)
Intan           : “Muhun ieu teh nu abi mah teu janten janten geningan, wios lah da meren simkuring mah sanes jodoh sareng pangeran.”
Cerlina       : “Nyaenya lah da jodohna ge abi, tos we ayeuna mah mundur daripada ke pi eleheun mah.”
Intan         : “Ah abdi mah bade mayunan raja heula we, sakantenan pamitan kanggo nu terakhir kalina dari perjumpaan ini.”
Raja           : “Geus tong raribut, abah rek jujur, sabenerna eta binih teh lain siki asli, tapi eta mah ngan saukur batu menang manggih abah ti sisi jalan, abah ngan saukur rek nguji kajujuran maraneh, ayeuna mah jelas pan, anu bakal di pilih berati Intan, tah Cerlina mah mangga we uihna kapasantren, ngarah langkung tiasa janten jalmi jujur.
Tungtungna mah nu jujur bisa ngelehkeun sagala kalicikan, raja ngarasa bungaheun sangkan paneran hirup bahagia jeung Intan, sedengkeun Cerlina diajar jujur di pasantren.