Dina
hiji karajaan terkenal di tatar sunda, hirup sauyunan Raden K.Hhasanudin jeung
Nyimas Hasanah, mantena ngagaduhan saurang putra anu kacida kasepna tur bakti
kanu janten ibu rama tegesna mah jenengan Raden Pangestu. Sadidintena pangeran
tara kaluar ti karajaan, anjeuna di didik ku raja sangkan jadi pangeran anu
bisa jadi picontoeun masyarakat, tapi da ari anu namina jalmi mah aya wae rasa
kabosen teh, dina hiji mangsa pangeran nyampeurkeun raja nu nuju maca koran.
Pangeran : “Abaaah..”(bari jamedud)
Raja : “Aya naon ujang,
datang datang bari jamedud kitu”
Pangeran : “Abah, ujang teh bosen cicig wae di
karajaan, ujang bosen tara aya rencang, ujang mah hoyong pisan aya nu
ngarencangan teh, malah mah ujang te tos hoyong eta..”
Raja : “Naon..?”
Pangeran : “Eta gening, siga abah sareng ema.”
Raja : “Ouh kawin..?
emangna erek kawin jeung saha..? aya kitu calona”
Pangeran : “Baroraah atuh abah, ujang mah kaluar
oge tara, komo mendakan jodoh.”
Raja : “Abah mah
hoyongna teh jodoh ujang awewe anu leres leres, abah mah hoyong jodoh ujang teh
anu dan din dun, sanes anu dat dit dut.” (bari ngageol)
Pangeran : “Eta we atuh bah, pang ngayakeun
sayembara kangge ujang, nya pesertana mah sadaya gadis anu aya di tataran sunda
ieu we.”
Raja : “Ouh heeuh bener,
ke atuh isukan we nya abah ngumumkeun sayembarana, soalna ayeuna mah abah acan
siap nyanghareupan gadis gadisna.. haha” (bari seuseurian)
Pangeran : “Eyy eta si abah, jadi siga abah atuh
eta mah nu bade milarian jodoh teh.” (pangeran ngomong bari kerung)
Raja : “Eh nya sugan
sugan we auh aya anu ngait hiji dua mah ka abah teh.”
Pangeran : “Abah iih..”
Raja : “Haha, heureuy
atuh abah mah, maenya we. Da abah ge inget kana umur atuh.”
Singketna,
di tatarsundageus jadi sabiwir saomong. Sang raja anu mihareup calon jang
putrana. Atuh dugi kana wakts anu di antos antos ku pura gadis, aya putrina
tukang macul, aya putrina pejabat, bahkan dugi kana putri ulama ge araya
ngadongkapan eta sayembara, teu loba pesertana mah ngan 100 hulu. Dina poe ka
hiji...
Raja : “Sok anjeun
geulis, wawanohan heula.”
Peran1 : “Wastapun Inem Hapip,
putrana bapa saepulloh ketua rt 3 di pengkeureun karajaan ieu pisan, padamelan
sadidinten nyeuseuh.”
Raja : “Sok teras
mapai!”
Peran2 : “Simkuring Markonah
Jubaedah Hamidah, putrana ustad makmur, padamelan sadidinten maca kitab
gundul.”
Peran3 : “Abdi Fermi Siti
Fauziah. Putrana ibu aminah anu sok dagang kupat di payuneun karajaan,
padamelan sadidinten mung ukur maraban hayam, ngawueukan anu ngaos sareng
ibadah ka gusti.”
Teras
eta sayembara lumangsung dugi kana dinten ka 7, namung teu aya keneh wae anu
dipili ku pangeran, pas dinten ka 8 mung aya 2 gadis anu ngadongkapan kana eta
sayembara.
Raja : “Sok Anjeun heula
neng.”
Cerlina : “Siaap lah..” (bari
rada balaga)
Raja : “Wes gaya eung
ieu mah.”
Cerlina : “Abdi Cerlina pakot,
putri kasayangana Ustadzah Hazaaaaah... Halimah, eta gening anu sok ceramah di
unggal tempat, anu honorna pang ageuna, maenya weteu terang ah. Sadidinten abdi
mah nya kitu we, sms-san, fb-an, twitter-an, bbm-man, teu hilap oge kana amaeng
amengan, kitu we lah pokona mah kabiasaan budak ngora mah.”
Raja : “Atos cekap neng,
(bari ngaeureunkeun omongan cerlina). Sok hiji deui mangga.”
Intan : “Wastapun Intan
Mutiara Permata, putrina bapak Abdulloh anu janten calon gubernur jawa barat no
ka 1 tea. Padamelan sadiditen mah simkuring teu seeur damel, paling oge mung
ngabantosan ema sareng abah, diajar duniawi sareng akherat, oge ibadah ka gusti
Alloh.”
Pangeran : “Abah, atos we, pilihana aya di dua
gadis ieu, tapi ujang bingung bakal milih nu mana..??!!” (bari haharewosan)
Raja : “Tenang abah
gaduh ide.”
Pangeran : “Muhun mangga atuh abah.”
Raja : “Dupina abah
bingung bakal milih nu mana, tapi abah gaduh ujian jang aranjeun, dimana lamun
bisa ngaliwatan eta ujian, berati eta bakal di pilih. Abah gaduh binih tapi
duka siki naon ieu teh, sok pelak ku aranjeun, dina waktu saminggu aranjeun
balik deui kadieu.”
Cerlina : “Oh tenang lah, nu
kituceteeeek..!!”
Intan : “Insyaalloh lah,
da simkuring sok ngabantosan ema papanen.”
Waktu
ngan nyesa sapoe deui, tapi pepelakana can aya nu jaradi, dua gadis eta
bararingungeun kudu kumaha. Suasana di imah Cerlina.
Cerlina : “Euleuh naha siki ieu
teh can jadi jadi, meureun kumaha engke isukan urang bakal pieleheun cigana
ah.. Eh tapi urang boga ide, daripada kacape cape ngurus ieu siki, mening meuli
nu geus jadi we di pasar ge loba, heeuh bener.”
Cerlina
ngalakukeun kalicikan, lain deui jeung suasana di imah Intan mah.
Intan
: “Eh naha can
jadi jadi siki teh..? padahal pupukna ge anu dua ratus rebuan, boa salah kitu
pupukna..? mun misalkeun isukan teu jadi keneh wae mah kenbae ah eleh ge, meren
lain jodohna pangeran simkuring mah.”
Miang
kana waktu dimana kadua gadis eta balik deui ka karajaan jang ninggalikeun
hasilna. Saacan aya raja, Cerlina ngekeak Intan kusabab itan mah teu mawa hasil
nanaon.
Cerlina : “Tuh da abi mah tos
yakin, pasti abi anu bakal meunang mah, tinggali we atuh abi mah mawa benih anu
geus jadi tangkal, teu siga didinya ngan mawa benihna keneh, bade di uihkeun
deui sanes?? hahah” (nyeungseurikeun puas)
Intan : “Muhun ieu teh nu
abi mah teu janten janten geningan, wios lah da meren simkuring mah sanes jodoh
sareng pangeran.”
Cerlina : “Nyaenya lah da
jodohna ge abi, tos we ayeuna mah mundur daripada ke pi eleheun mah.”
Intan : “Ah abdi mah bade
mayunan raja heula we, sakantenan pamitan kanggo nu terakhir kalina dari
perjumpaan ini.”
Raja : “Geus tong
raribut, abah rek jujur, sabenerna eta binih teh lain siki asli, tapi eta mah
ngan saukur batu menang manggih abah ti sisi jalan, abah ngan saukur rek nguji
kajujuran maraneh, ayeuna mah jelas pan, anu bakal di pilih berati Intan, tah
Cerlina mah mangga we uihna kapasantren, ngarah langkung tiasa janten jalmi
jujur.
Tungtungna
mah nu jujur bisa ngelehkeun sagala kalicikan, raja ngarasa bungaheun sangkan
paneran hirup bahagia jeung Intan, sedengkeun Cerlina diajar jujur di
pasantren.